Sabtu, 02 November 2019

Dongeng Sunda


GAGAK HAYANG KAPUJI
            Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katenjoeun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh  kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
         Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”
         Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi  meunang beja yen cendrawasih teh manuk panghadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.
         Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana  bakal hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing ngomong ,”Lamun daekeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, hees digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.


          Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng teh murag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala.
        Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan teh hayang dengdeng nu keur diheumheum ku manehna. Ti dinya mah geleber gagak teh hiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.
Dongeng anu dicaritakeun tadi ngandung amanat :
Ulah gampang kagendam kupujian anu bakal nyilakakeun kana kahirupan urang,

Pengambilan Keputusan Sebagai Pemimpin Pembelajaran - Koneksi Antar Materi Modul 3.1.a.9

 Pengambilan Keputusan Sebagai Pemimpin Pembelajaran   (Koneksi Antar Materi Modul  3.1.a.9) Oleh : Dewi Ati Rohmatilah CGP- Angakatan 4 Kab...